Minggu, 23 Agustus 2015

PERSIB Bandung

PERSIB moal ngeper ngadu nasib
PERSIB tara ngeper ngadu nasib
PERSIB moal ngeper ngadu nasib
PERSIB cadu eureun ngome nasib

Kasebelasan kameumeut si maung bandung
Gede kawani seukeut kuku seukeut siku

Tong asa asa gawang lawan sina jebol
Bere angka eunol angka buleud tur bahenol

Jieun cangkel lawan moal matak doraka
Jieun eleh lawan moal matak kawalat
Jieun kampung lawan moal matak dilaknat
Jadi juara lain pagawean dosa

Mun dipareng meunang ulah jadi beukah sirah
Mun dipareng eleh tong ngalehleh komo leweh

Dina pertandingan eleh meunang mah biasa
Tong dipake leuleus komo jeung aral subaha

Bobotoh PERSIB mun ngaku tulus micinta
Lamun maung bandung eleh kuciwa biasa
Tapi ulah murang maring kawas jalma geuring
Komo bari make ngaruksak sagala rupa

Kota Bandung milik urang sarerea
Lamun ruksak leubar kabina bina
Komo ukur alatan rasa kuciwa
Pedah maung bandung eleh dina maen bola

Tidak ada komentar:

Posting Komentar